Bangingik sora suling
Mirig Lengkah hate ,nu ngalenghoy ,
Mapay-mapay lengkob pangharepan anu tarahal .
Titincakeun geus lita ,
ngan cika-cika ,nu masih keneh haat ,
nungtun sorot panon nu geus leuseuh ,
ngambah kalakay pangimpian .
Raga nu langlayeuseun
Ngondang koceak ,sarebu sora ...
Aweuhanna patembalan , nurih batin ,nu geus jiih ku kapeurih !!.